Puisi Kalangkang Kahayang

"KALANGKANG KAHAYANG"
Oleh : Ato Suharto

I

Udud geus meh beak sabungkus,
kopi sabekong geus ngorotan kosong..
panon masih molotot teu pedot,
neuteup anteb kalangkang kahayang..
niat ngan ukur bati ngorejat..
guguling nu geus bau munding,
antupna jadi batur kuring ngahariring peuting..


II

Nyai...
naha anjeun bisa surti?
yen peuting kiwari akang muringis nahan tiris..
si utun jamedud euweuh nu ngrurut...
rasa teu puguh cabak..
nahan kahayang nu hese kahontal


III

Kalangkang teu sirna terus gugupay...
ngalelewe raga nu teu puguh rasa...
citresna nempel dina bantal...
ngajirim jadi gambar kadal...


IV

Panutan akang anu lenjang
Enggal mulih akang ringrang
Unggal wengi akang nganti
Tanda asih nu pageuh pasti
Iraha atuh jantena?
Neang akang nu nuju gundam
Gundam katresnan nyai nu lenjang.



"ANAKING"
Oleh : Ato Suharto

Anaking...
regepkeun piwuruk ema hidep
sangkan hirup rahayu
jeng berkah tur bagja

Anaking..
tiru jeng gugu pasipatan ema
sabab ciri sagala wanoja natra
aya dina diri ema

Bapa bagja rumah tangga jeung ema
najan kadang sok manggih tunggara
ema tetep ngawula ka bapa
pinuh ku rasa katresna

Anaking..
hirupmah sadar jeung eling
mun hideup mamawa wejangan ema
bakal pasti salawasna eling

Anaking..
hideup geus nincak mangsa dewasa
omat ulah kagoda ku hawa dunya
nu kadang mawa cilaka

Bapa jeung ema teu boga warisan banda pohara
teu boga tanah nu lega
komo deui emas permata

Bapak jeung ema ngan boga do'a
sangkan hideup hirup waluya
dibeungkeut ku iman jeung takwa
bekel urang ngumpul engke di surga.

 

0 Response to "Puisi Kalangkang Kahayang"