Sholawat Maulaya



`By @Fier.g



Ya robibilmustopa baligmaqosidana    #     wagfirlana mamadoyyawasi’al karomi.
maulayasoliwasalim daiman abada        #        ala habibikakhoerulholkikulihimi.
walhabibulladi turzasafa’atubu          #          likulihaolin minal amwalimutahimi.
Sim abdi sejak tawasul       #         Ku salira kang jeng rosul.
Pamugi maksud di kobul       #       Barokah kacandak wangsul.
Ya alloh abdi nyuhunkeun       #       Sadaya dosa hapuskeun.
Sepuh abdi salametkeun       #       Dina rohmat di tempatkeun.
ya alloh nu maha agung       #       Sim abdi neda pitulung.
Hapuskeun tina kabingung       #       Neda pituduh tong linglung.
Sim abdi nu seueur dosa       #       Mugi gamparan ngaraksa.
Tebihkeun tina panyiksa       #       Nudipihareup santosa.
Ya alloh pasihkeun rohmat       #       Ka rosul nu mingpin umat.
Abdi mihareup safaat       #      Jaga di poe kiamat.
Ya nabi utusan alloh       #        Anu gelar habiballoh.
Putrana sayid abdulloh       #       Muhammad rosululloh.
Numakomna di madinah       #       Ibuna siti aminah.
Solihah tur jembar manah        #        Putri agung ahli jannah.
Abdi sadaya umat       #       Nu pada ngantos safaat.
Nu pada sieun di laknat        #       Hoyong pada kengeng ni’mat.
Hikoro kekasih alloh       #       Hiparo walina alloh.
Dugikeun du’a ka alloh       #       Abdi hoyong rohmat alloh.
Ya alloh nu maha rohman       #       Abdi di kuatkeun iman.
Abdi umat ahir jaman      #       Di dunya ahirat aman.
Pamuga alloh ngabulkeun       #       Ka simabdi paparinkeun.
Rizki nu di barokahkeun       #       Elmu nu di mangfaatkeun.
Amin ya robal alamin       #       Waya mujibasa’ilin.
Igfirlana walmuslimin        #       Wajibami’ijjairin.
Pondok        pesantren         rodatul        amanah.
Yarobibilmustopa     baligmaqosidana     wagfirlana     mamadoyyawasi’alkaromi.

0 Response to "Sholawat Maulaya"